Duration 6:12:10

Wayang Golek GH3 CEPOT REFORMASI (Audio Panggung, 1999) - Asep Sunandar Sunarya

57 876 watched
0
328
Published 3 Jul 2021

Wayang golék Giriharja 3 pingpinan dalang Asep Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman audio waktu ngagejrak di Ciburuy Padalarang Kab. Bandung Barat tanggal 4 April 1999. Mung gaduh rékaman audiona, vidéona mah teu gaduh. Sindénna dina pagelaran ieu Cucu Setiawati. Wiraswarana Dédi Rosida. Juru Tempasna masih Mang Éwon. Malah dina selingan adegan Citrayuda paséa masih dilayanan ku Mang Éwon. Nu saterusna sok ku Mang Ana. ======================== Téma carita dina lakon ieu nyandak tina situasi pulitik Indonesia dina mangsa awal-awal réformasi nu harita nuju maceuh ngadegna partai-partai pulitik saprak dibuka keran kabébasan 'berpolitik' ku Presiden BJ. Habibie. Sinigeug di Balé Mercukonda Jonggring Salaka, Sanghyang Otipati Jagatnata atawa Batara Guru ngondang Kabayan Déwa Batara Narada jeung putra cikal Batara Guru nyaéta Batara Indra. Intina nyawalakeun suksési kakawasaan di Sawarga Maniloka nu dicepeng ku Batara Guru. Cenah tos mangsana ngécagkeun kakawasaan Batara Guru salaku pangawasa Triloka, nyaéta alam sawarga maniloka, marcapada, jeung mayapada. Siloka dina kakawasaan pulitik eksékutif jeung législatif dina sistim katatanegaraan di Indonesia. Tapi Batara Guru katingalna masih hayang kénéh mancén jadi pangawasa Triloka. Saterusna méré pancén ka Batara Narada pikeun kampanyeu ka jagat marcapada jeung mayapada supaya Batara Guru kapilih deui. Nepungan para pamingpin nagara boh di alam manusa jeung alam dedemit supaya bisa koalisi ngarojong ngadegna deui Batara Guru salaku pangawasa Sawarga Maniloka. Ngan nu jadi ganjelan dina ngajalankeun rencanana nyaéta Astrajingga atawa Cépot nu cenah ngadegkeun partai pulitik. Astrajingga dianggap 'vokal' teuing dina nyoarakeun bebeneran. Loba masarakat nu ngarojong gerakan pulitikna Astrajingga. Carios lengkepna mah mangga bandungan dugi ka réngsé. Cag!

Category

Show more

Comments - 40